Pray

in #life6 years ago (edited)

Semangat pagi stemians.

SURAT TI BAPA

image

Buat yg ngerti bhs sunda, indah sekaligus terharu

Panggeuing keur hate anu tibra sare
tawis kasono ka bapa
anu tos dipundut kunu Gaduhna.

Anakiiing, anak Bapa
kiwari Bapa geus nepi
ka lembur anu sabenerna
lembur nu beda
jeung lembur urang baheula.

image

Anakiiing, anak incu Bapa
mun isuk-pageto
hidep sono hayang papanggih jeung Bapa, tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula
omat tong angkaribung barang bawa, sabab Bapa
geus lain Bapa anu baheula
do'akeun wae Bapa ku aranjeun,ayeuna Bapa ngan butuh do'a ti aranjeun.

Anakiiing, kamelang Bapa
mun hidep nyaah ka Bapa, teu kudu bingung mulang tarima, tapi cukup bejaan Bapa
yen hidep geus jadi jalma sholeh
geus jadi hamba Alloh ahli ibadah
bari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo ManteunNA.

image

Anakiiing
mun hidep nyaah ka Bapa
cukup bejaan Bapa
yen hidep nyaah ka Bapa
hidep teh akur jeung dulur
runtut-raut sauyunan
silih hargaan
silih elingan
silih tulung silih bantu
gogonjakan jiga baheula.

Anakiiing
pang bejakeun ka anak incu bapa
yen bapa nyaah ka hidep
nyaah ku lucuna
nyaah ku belana
nyaah ku sumanget na.

image

Bejakeun ka kulawarga hidep
Bapa geus nepi ka nu dituju
Bapa rek satia nungguan di dieu
di hareupeun panto surga.

Anakiiing, anak-incu bapa
Bapa hayang mere beja, nyambung beja anu baheula
nu manfaat di dieu, di alam baka
geuning lain harta, lain tahta, lain pangkat, lain jabatan,
tapi wungkul amal soleh waktu di dunya, nu dibungkus iman jeung taqwa.

image

Ayeuna ku bapa geus karasa,geus karasa
karasa endahna solat jeung puasa, karasa endahna zakat,
karasa endahna mikanyaah fakir-miskin, karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga

Anakiiing, anak-incu bapa, bapa nitip

  • poma ulah takabur, tapi kudu loba syukur
  • ulah sasar tapi kudu loba istigfar
  • ulah salah tapi kudu loba ibadah

Anakiiing
hampura bapa
bapa sono ka aranjeun kabeh
meungpeung aya keneh di alam dunya
poma ulah tinggaleun sholat, ngaji qur'an,ulah poho ka fakir miskin
Nulung kanu butuh
Nalang kanu susah
Ulah poho, du'akeun bapa tiap ba'da sholat

Sakitu surat ti bapa
Hampura bapa

image

Coin Marketplace

STEEM 0.29
TRX 0.13
JST 0.033
BTC 63252.23
ETH 3035.50
USDT 1.00
SBD 3.73